Biantara
Biantara the lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balarea. Malah teu sakabeh jalma bisa biantara kalawan hade. Eta the lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara the sok di sebut “art of speech” atawa seni nyarita. Nyamkem struktur biantara Biantara teh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi ata oge anu ditulis tuluy di baca keun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua bae, nya eta aya bubuka,eusi,jeung aya bagian panutupna. Salam Pamuka Assalamu’alaikum Wr.Wb Mukadimah Sadaya puji kagungan Alloh anu mubreng alam. Solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw. Ngahaturkeun Pawilujeungan ka nu Hadir Ibu sareng Bapa hormateun simkuring Eusi Biantara Dinten ieu the kalintang bagjana kanggo simkuring sadaya. Oge janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wireh simkuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan simkuring sadaya kedah ngar...